NII Lain ‘Separatis’ Ogé Lain ‘Makar’

SAJARAH perjoangan ngadegkeun nagara Islam dimimitian nalika Sekarmadji Maridjan Kartosoewirjo mroklamasikeun ngadegna “Negara Islam Indonésia” (NII). Numutkeun carita, naskah proklamasina saterusna ditiron ku Soekarno pikeun jadi naskah proklamasi kamerdékaan Indonésia ping 17 Agustus 1945. Dokumén sajarah asli téks Proklamasi mangrupa tulisan leungeun Bung Karno écés katingali loba corétanana. Kusabab kitu, éta naskah téh mangrupa tironan atawa jiplakan tina naskah proklamasi nagara Islam nu dijieun Kartosoewirjo. 

Nagara Islam Indonésia geus diproklamirkeun ku SM Kartosoewirjo ping 7 Agustus 1949, di Désa Cisampah, Kecamatan Ciawiligar, Kawedanan Cisayong Tasikmalaya, Jawa Barat. Unggel téks proklamasina saperti dihandap ieu: 

PROKLAMASI 

Berdirinja NEGARA ISLAM INDONESIA 
Bismillahirrahmanirrahim Asjhadoe anla ilaha illallah wa asjhadoe anna Moehammadar Rasoeloellah 
Kami, Oemmat Islam Bangsa Indonésia MENJATAKAN: 
Berdirinja “NEGARA ISLAM INDONESIA” 
Maka hoekoem jang berlakoe atas Negara Islam Indonésia itoe, ialah: HOEKOEM ISLAM. 
Allahoe Akbar! Allahoe Akbar! Allahoe Akbar! 
Atas nama Oemmat Islam Bangsa Indonésia
Imam NEGARA ISLAM INDONESIA
Ttd.
(S. M. KARTOSOEWIRJO)
MADINAH-INDONESIA, 12 Sjawal 1368 / 7 Agoestoes 1949 

Ping 7 Agustus 1949 éta bareng jeung miangna Bung Hatta ka Belanda pikeun ngayakeun perundingan Méja Bundar nu dipungkas ku kakuciwaan. Hasil perundingan, Irian Barat henteu diasupkeun kana dipasrahkeunana kadaulatan Indonésia jeung lahan ékonomi masih dicepeng ku kapitalis barat. 

Nagara Islam Indonésia (NII) diproklamasikeun di daérah nu dikawasa ku Tentara Belanda, nyaéta daérah Jawa Barat nu ditinggalkeun ku TNI (Tentara Nasional Indonésia) ka Jogya. Demi daerah de facto RI waktu harita saukur ti Yogyakarta jeung teu kurang ti tujuh Kabupaten. Numutkeun fakta-fakta perundingan jeung Karajaan Belanda; perjanjian Linggarjati taun 1947 hasilna de facto RI kari pulo Jawa jeung Madura. Demi Perjanjian Renville taun 1948, de facto RI téh ngawengku Yogyakarta. Sakabéh kapuloan Indonésia kaasup Jawa Barat éta kabéh masih dikawasa ku Karajaan Walanda. 

Jalaran kitu, teu bener upama aya nu nétélakeun yén NII téh diadegkeun jeung diproklamasikeun di jero nagara Republik Indonésia. NII diadegkeun di daerah nu masih dikawasa ku Karajaan Belanda! Kusabab kitu, NII ogé lain separatis ogé lain tindakan makar. 

Tapi, NII jeung orhanisasina Darul Islam (DI) katut balatentarana dikawentar ku sebutan Tentara Islam Indonesia (TII), éta dibuburak bébéakan ku rezim Soekarno nu didukung ku Partai Komunis Indonésia (PKI). 

Ari partéy gedé séjénna waktu harita, Masyumi (Majelis Syura Muslimin Indonésia), henteu milu buburak, saukur teu ngadukung, sok sanajan orhanisasi Darul Islam nu awal mulana mah ngaranna téh Majelis Islam éta hiji orhanisasi dina cangkinganMasyumi nu saterusna misahkeun manéh. 

Hiji tokoh kahot ti Masyumi, almarhum M. Isa Anshary taun 1951 nétélakeun: 

“Henteu aya hiji muslim, bangsa naon jeung dimana baé ayana nu teu mibanda karep jeung hayang Darul Islam. Saukur jalma nu geus bejad moral, iman jeung Islam-na, nu teu satuju kana ngadegna Nagara Islam Indonésia. Saukur jalan jeung cara majoangkeun idiologina éta aya nu béda jeung di pasimpangan jalan. Jalan nu béda jauh. Nu hiji bajoang dina wates-wates hukum, sacara légal jeung parleméntér, nya éta pisan Masyumi. Nu séjénna bajoang ku pakarang, ngadegkeun nagara jero nagara, nya éta pisan Darul Islam” (Majalah Hikmah, 1951). 

Nalika Masyumi nyepeng pamaréntahan, M. Natsir ngirim surat ka S.M. Kartosoewirjo pikeun ngajak anjeunna katut sabalad-baladnanu aya di gunung pikeun bajoang deui ku cara légal-formal. Tapi M. Natsir meunang jawaban ti S.M. Kartosoewirjo: “Jigana ki dulur acan narima proklamasi kuring ” (Majalah Hikmah, 1951). 

Saba’da “Imam” NII SM. Kartosoewirjo ditéwak jeung ditibanan hukum pati taun 1962, rezim Soekarno ogé Soeharto ngabakutet NII nepika kiwari. Polana sarua, nyaéta ku cara nugaskeun nu jadi jongosna pikeun nyieun polah nu ngaruksak, saperti nu dilakukuen ku NII KW IX. Saba’da dirurucah jeung diruksak, éta jongos “bernyanyi” yén manéhna téh hiji anggahota kelompok Islam nu rék ngadegkeun Nagara Islam. 

Atawa ngaruksakna téh ku cara ngagunakeun atribut Islam. Ceuk salah saurang Kaptén nu nepika kiwari masih kénéh jumeneng tur jadi saksi hirup, jeung nu séjénna ogé masih kénéh loba, katohyan aya bédana antara “DI Pengrusak” jeung “DI Kartosuwiryo”, nyaéta atribut nu digunakeun ku “DI Pengrusak” rupana beureum. Sedengkeun “DI Kartosuwiryo” mah héjo. 

Sabenarna, Nagara Islam Indonésia éta masih aya jeung bakal tetep aya, sok sanajan sabagian anggahota-anggahota Darul Islam téh geus tilar dunya, tapi diyakinkeun, ide Nagara Islam Indonésia bakal tetep méncrang di bumi Indonésia. 

MÉMANG, ahir-ahir ieu mingkin loba “tokoh Islam” nu némbongkeun karempan jeung kasieunna ku isu nagara Islam. Mantan Ketua Umum PBNU, Abdurrahman Wahid (Gus Dur) misalna, sacara togmol jeung balaka nétélakeun: “Musuh utama kuring mah taya lian iwal Islam Kanan, nyaéta jalma-jalma nu ngaharepkeun Indonésia dumasar kana Islam jeung miharep lumangsungna Syaré’at Islam” (Republika, 22 September 1998). “Urang bakal nanjeurkeun jeung ngalarapkeun sékularisme, bari teu nyebutkeun yén éta téh sékularisme,” tegesna. 

Salah sahiji partéy nu asasna Islam nu lahir dina jaman réformasi, malah teu bisa nyumputkeun karempan jeung kasieunna sok sanajan dibungkus dina rétorika ngaliwatan slogan gagah: “Urang teu merlukeun nagara Islam. Nu penting mah nagara nu Islami”. Malahan, dina hiji pidato pulitikna, presidén éta partéy nétélakeun: “Pikeun urang mah taya masalah, naha nu jadi pamingpin téh hiji muslim atawa lain, nu penting mah manéhna bisa merenahkeun ajén-inajén universal saperti kajujuran jeung kaadilan”. 

Kawilang rongkahna kasieun kaum Muslimin kana isu Nagara Islam, leuwih ti karémpan jeung kasieunna urang kafir jeung sekuler, nepika maranéhna teu sadar yén sagala rupa isme (faham) atawa Idéologi di ieu dunia téh bajoang pikeun ngahontal kakawasaan pikeun ngadegkeun nagara dumasar kana isme atawa idéologi nu diagemna. Salila 32 taun kumawasana rezim Soeharto, sosialisasi ngeunaan Nagara Islam Indonésia saolah-olah eureun. 

Ti saprak ngadegna Republik Indonésia, nepika kiwari rayat ieu nagri umumna, geus ditipu ku panguasa. Umat Islam nu nempatan jumlah mayoritas geus disasarkeun pamahaman sajarah perjuangan Islam-na. Geus sakuduna, umat Islam sadar yén di Indonésia téh kungsi aya hiji gerakan anak bangsa nu satékah polah ngawangun supremasi Islam, nyaéta Nagara Islam Indonesia (NII) nu geus diproklamirkeun, 7 Agustus 1949, turta bisa dipertahankeun pancegna salila 13 taun lilana (1949-1962). 

Tapi rezim nu kumawasa geus ngaropéa atawa ngamanipulasi éta sajarah. Antukna, umat Islam Indonésia teu apal jeung nyaho kana sajarahna nu katukang-tukang. 

Ngaran hadé NII ogé geus loba dipitenah tur digeugeuleuh, utamana ku diwangunna hiji gerakan jama’ah nu dijieun ku Intelijen RI bari mawa ngaran NII KW IX. Ieu gerakan dipingpin ku A.S. Panji Gumilang nu kawéntar ku sebutan Abu Toto. Bukti tina kalibetna intelijen dina ieu gerakan nyaéta ieu gerakan téh ti mimiti ngadeg nepika kiwari teu kungsi dibubarkeun. Ciri lianna ieu gerakan : teu kungsi méré iber nu écés ngeunaan Aturan hukum nu diguratkeun ku Kartosoewirjo ngeunaan gaganti Imam minangka nu neruskeun perjoanganna (id.wikipedia.org). 

SM. Kartosoewirjo ogé nepika kiwari jadi pribadi atawa sosok kontrovérsi turta dicap “pemberontak”. Tapi fakta nu sabenerna, Kartosoewirjo éta “penyelamat” wilayah Indonésia. Saperti nu dibéjérbéaskeun di luhur, NII diproklamasikeun di luar wilayah RI. Nalika Soekarno jeung tentara Republik pindah ka Yogyakarta, balukar tina Perjanjian Renville, wilayah Indonésia harita nalika prokmalasi NII saukur kari Yogya jeung sabudereunana. Wilayah nu masih nyésa ogé terus diparebutkeun antara Belanda jeung Indonésia. 

Bisa disebutkeun, balukar tina Perjanjian Renville, Republik Indonésia geus teu aya dikieuna. Nu aya téh saukur nagara-nagara sarikat. Wilayah Jawa Barat waktu harita malahan disarankeun ku Belanda sangkan diwangun jadi “Nagara Pasundan”. 

Nalika Jawa Barat aya dina kaayaan vacuum of power, Soekarno maréntahkeun ka sakabéh pasukan Divisi Siliwangi pikeun pindah ka Yogyakarta dumasar kana perjanjian Rénville. Tapi S.M. Kartosoewirjo bareng jeung pasukanna (Hizbullah katut Sabilillah asal Jawa Barat; Sayap Militer Masyumi) nampik pikeun pindah ka Yogya. Malahan bareng jeung pasukanna, manéhna satekah polah mertahankeun wilayah Jawa Barat (www.kaskus.us). 

Wallahu a’lam. 

(ASM Romli, tina pirang-pirang iber).*

Parigeuing Gaya Kapamimpinan (LEADERSHIP) Prabu Siliwangi


Kapamingpinan dina masarakat Sunda, nurutkeun Naskah Kuna Sanghiyang Siksa Kandang Karesian. Ieu naskah kuna teh asli titinggal karuhun Sunda taun 1518 Masehi (Prabu Siliwangi/ Jayadewata pupusna taun 1521 Masehi) anu disundakeun deui kana basa ayeuna ku Drs. Saleh Danasasmita 1985. Ari aksarana ngagunakeun aksara “Ratu Pakuan”, lain Cacarakan. Basana Basa Sunda Buhun.

Dina naskah Kuna ieu teh aya palanggeran, tuduh laku tatakrama pikeun jadi pamingpin di masarakat jaman harita. Sanajan kitu eta palanggeran teh tetep gede gunana pikeun jadi palanggeran pamingpin Sunda jaman ayeuna. Eta palanggeran teh disebut PARIGEUING.

A. PARIGEUING

Dina Basa Sunda jaman abad ka 15/16 masehi, disebutkeun yen Parigeuing teh nya eta : “Parigeuing mah ngaranna : bisa nitah bisa miwarang, ja sabda arum wawangi, nya mana hanteu surah nu dipiwarang”. Upama ku basa Sunda jaman ayeuna mah hartina : “Nu disebut Parigeuing teh nyaeta bisa marentah bisa miwarang ku caritaan nu pikagenaheun tepi ka teu matak jengkel nu diparentahna”.

B. DASA PASANTA

Pikeun bisa ngalaksanakeun Parigeuing teh carana kudu bisa ngalaksanakeun heula Dasa Pasanta (hartina Sapuluh Panengtrem Hate). Maksudna kumaha carana pikeun nengtremkeun hate jelema nu diparentah supaya dina digawena teh iklas tur sumangetna ngagedur.

Ari panengtrem hate anu sapuluh rupa teh nyaeta:

  1. Guna. Tegesna jelema nu diparentah teh kudu ngarti-eun naon gunana tina nu diparentahkeun teh.
  2. Ramah. Parentah kudu ditepikeun kalawan wajar jeung sareh, ramah tamah, amis budi. Bakal ngarasaeun dihargaan sabage manusa nu boga ajen pribadina.
  3. Hook. Hookeun (B.Ind: kagum). Parentah karasana saperti gambaran hookeunana (kekaguman) kana kabisana (kamampuh) nu diparentahna.
  4. Pesok. Hartina kapikat hatena (reueus). Jadi parentah kudu ditepikeun ku cara nu matak kapikat hate, nu nimbulkeun rasa reueus dina dirina.
  5. Asih. Nyaeta rasa nyaah. Tepi ka karasaeun yen dirina teh lir ibarat babagian tina diri nu marentahna. Jadi milu tanggungjawabna teh bari gembleng hate.
  6. Karunia/Karunya. Tegesna parentah karasaeunana saperti rasa kanyaah (karunya) jeung oge mangrupa kurnia kapercayaan kana kamampuh dirina.
  7. Mukpruk. Tegesna kudu bisa ngalelemu. Tepi ka ngarasa yen digawe teh lain kapaksa, tapi geus jadi tugasna.
  8. Ngulas. Ayeuna dina Basa Indonesia disebut mengulas. Tegesna kudu bisa mere komentar (ulasan) kana pagawean bawahan ku cara nu surti tur lantip.
  9. Nyecep. Tegesna bisa niiskeun pikir nu diparentah, supaya genaheun pikirna. Boh ku lisan komo bari aya lar barangberena mah.
  10. Ngala angen. Nyaeta bisa narik simpati bawahan. Carana ku ngantengkeun silaturahmi nu wajar. Bakalna timbul rasa satia (loyal) ka pamingpinna.
C. PANGIMBUHNING TWAH

Jaba ti Parigeung jeung Dasa Pasanta teh, dina naskah eta keneh aya nu disebut Pangimbuhning Twah, nyaeta pituduh tatakrama hirup kumbuh sapopoe, sangkan manusa hirupna teh boga pamor (B.Ind: bertuah). Upama disundakeun ayeuna mah hartina teh Pangjangkep Pikeun Boga Pamor.

Aya 12 pangjangkep tatakrama nu kudu dicumponan ku unggal jelema teh nyaeta:

  1. Emet. Tegesna digunakeun saeutik-saeutik (saemet-emet) supaya kapakena. Hartina henteu konsumtif.
  2. Imeut. Tegesna taliti euweuh nu kaliwat (B.Ind: cermat).
  3. Rajeun. Saharti jeung rajin. Bisa ngamangpaatkeun waktu.
  4. Leukeun. Saharti jeung junun, suhud (B. Ind : tekun). Bakalna teh tepi ka nu dimaksud jeung loba hasilna.
  5. Pakapradana. Bisa dihartikeun sonagar, wanter. Bisa oge dihartikeun pantes barangpakena.
  6. Morogol-rogol. Hartina boga karep pikeun maju, gede sumanget, henteu elehan. Ulah soteh murugul, nyaeta sipat jelema nu hayang meunang sorangan.
  7. Purusa ning Sa. Hartina boga jiwa pahlawan. Wani nangtung panghareupna dina aya kasulitan. Tara nyalahkeun batur. Gede rasa tulung tinulungna.
  8. Widagda. Tegesna wijaksana. Pikiran jeung rasana (rasio katut rasana) bakal saimbang. Mikirna bisa cekas tur adil.
  9. Gapitan. Hartina wani bakorban pikeun kayakinan dirina.
  10. Karawaleya. Tegesna balabah (B.Ind: dermawan), resep tulung tinulungan.
  11. Cangcingan. Ayeuna sok disebut cingceung, tangginas (B.Ind : gesit).
  12. Langsitan. Bisa dihartikeun rapekan, terampil, binangkit, binekas. Ceuk basa ayeuna mah loba niley pleusna.
Tapi aya 4 pasipatan (tatakrama nu teu hade, anu non etis), nu dipahing ku para luluhur Urang Sunda, diebutna PAHARAMAN nyaeta:

  1. Pundungan. Ayeuna oge istilah pundungan dipiwanoh keneh. Moal boga sobat. Hirupna moal maju.
  2. Babarian. Ayeuna mah sok disebut gampang kasigeung (B.Ind: mudah tersinggung). Moal boga sobat. Hese maju. Hese meunang pitulung.
  3. Humandeuar. Aieu teh kaasup pasipatan nu kacida gorengna. Tanda hengker jiwana. Teu mampuh nyanghareupan kasulitan.
  4. Kukulutus. Ieu mah pasipatan anu panggoreng-gorengna, kitu ceuk karuhun baheula. Hirup bakal munapek. Beungeut nyanghareup ati mungkir, bengkok sembah ngijing sila. Digawena puraga tamba kadengda. Kasatianana saeutik pisan. Bisa ngahianat ka dunungan atawa ka babaturan.

Taudz Pakarang Manusa

Ku : Ust.Djono Abdulrrahman 

Nu disebat kalimah taudz teh nya eta kalimah anu diparentahkeun ku Allah SWT sangkan diaos ku sing saha anu bade ngaos Al Qur’an, sanaos mung saayat. Eta parentah kaunggel dina surat An Nahl ayat 98 : Faidzaa qoro’tal qur’aana fasta’idz billai minasysyaithoonirojiim. Hartosna dimana anjeun rek maca Qur’an, mangka anjeun kudu nyuhunkeun panyalindungan ka ALLOH tina panggoda syetan nu dilaknat (dipecat tina rokhmat). Kalimah Taudz the aya dua rupi; Kalimah anu ka hiji , numutkeun hadits riwayat Imam Ahmad sareng Imam Turmudzi, diriwayatkeun ku Imam Abu Daud sareng Imam Nasya’I nu pihartoseunanana : Katampi ti sahabat Abu Syaid al Hudri , ti Kangjeng Nabi Muhammad SAW saestuna anjeun (kj Nabi) sapertos biasa dina sholat sok ngaos doa Iftitah, lajeng Auuzdu billahi sami’il allimi minassysyaithoo nirrojimi min hamdziyi wa nafhihi wa nafsihi, “abdi sumalindung ka gusti Allah nu maha nyandangan, maha uninga tina gogoda syetan nu la’nat (dipecat tina rokhmat), tina fitnahna, tina kagumedeanana sareng tina kakuatan sihirna.” 

Kalimah taudz nu kadua nyaeta kalimah sakumaha anus ok diaos ku urang sadayana. Kateranganana numutkeun hadits anu diriwayatkeun ku Imam Mundzir, pihartoseunana : Imam Ibnu Mundzir parantos nyarios : aya katerangan ti kangjeng Nabi Saws dina sateuacana ngaos Al qur’an sok ngaosheula Auuzdu billahi minasyaitoonirrijim, abdi nyalindung ka Gusti Allah tina panggoda syetan nu dila’at (dipecat tina rohmat). Tina kalimah taudz nu dua rupi tadi, numutkeun pamendak Imam Syafi’I sareng Imam Abu Hanif, nu pangutamana nyaeta taudz anu kadua, margi luu sareng pidawuh Allah dina surat An Nahl ayat 98 tea. Namung numutkeun Imam Ahmad Idnu Hambali, kalimah taudz nu utami nyaeta kalimah nu ka hiji , margi supados ngempelkeun nu kaunggel dina surat An Nahl ayat 98 sareng surat Al Araaf ayat 200 , oge ku ayana hadist nu katampi ti Abi Syaid Al Hudri tea. Kanggo urang sadayana, dina leresan mayunan kalimah taudz nu dua rupi, duanana oge tiasa dianggo , boh bade ngaos Al Qur’an atanapi dina lebet sholat , margi duanana dicontoan ku kangjeng Nabi Saw. 

Hukum Ngaos Taudz 

Dina nangtoskeun hukum ngaos taudz, pamadegan para ulama henteu sami. Numutkeun Imam Hasan Basri, Imam Atha Ibnu Abirobah sareng Syeh Ibrahim ; netepkeun yen ngaos taudz teh hukumna WAJIB dina unggal ngaos Al Qur’an atanapi dina sholat (sabada do’a iftitah) Nu janten dasarna, pidawuh Allah dina surat An Nahl eta parentah wajib, bade ngaos Qur’a, atanapi sholat. Namung upami numutkeun jumhur ulama, maos taudz teh hukumna sunnat, dina sholat oge sunatna mung sakali nyaeta dina rakaat ka hiji. Nu janten dasarna, hadits nabi nu diriwayatkeun ku Imam Bukhori, nu hartosna ; katampi ti Abu Huraerah r.a waktos kangjeng Nabi lebet ka masjid, jol hiji pameget nuturkeun. Eta pameget teh sholat. Sarengsena teras ngadeuheus ka Kangjeng Nabi ngahaturkeun salam. Salamna ku Kangjeng Nabi diwaler, teras ngadawuh : Anjeun kudu sholat deui, kumargi saestuna anjeun acan sholat. Teras eta pameget the sholat deui. Sarengsena sholat teras ngadeuheus deui. Ku Kangjeng Nabi dipiwarang sholat deui. Kitu jeung kitu dugi ka tilu kali. Rengse sholat ka tilu kalina teras ngadeuheus bari nyarios; Ya Rasullulah, demi dzat anu parantos ngutus ka anjeun kalayan agama nu haq, sim abdi teu tiasa sholat ti anu parantos dipidamel bieu, kumargi kitu mugi salira rido galih keresa ngajar sim abdi, naha kedah kumaha atuh sholat nu leres teh ? Kangjeng Nabi ngadawuh : dimana anjeun bade ngadeg sholat, anjeun kedah takbir, teras aos naon bae anu apal tina Qur,an (maksadna Al fatihah), teras anjeun kedah ruku dugi ka tumaninah dina ruku. Teras cengkat dugi ka ajeg ngadeg, teras sujud dugi ka tumaninah dina sujud, teras cengkat dugi ka tumaninah dina ajeg, teras sujud deui dugi ka tumaninah dina sujud, teras calik dugi ka tumaninah dina calik. Tah naon -naon anu ku kami diajarkeun ka anjeun, anggo dina unggal sholat saterasna. Dina naon-naon anu diparentah ku Kangjeng Nabi ka eta pameget, sadayana mung wungkul anu wajib dilaksanakeun dina sholat, TAUDZ mah teu kasebat-sebat. Eta margina para ulama jumhur netepkeun taudz teh hukumna sunat. 

Mangfaat Ngaos Taudz 

Kanggo urang, taudz teh teu kinten ageung mangfaatna, sae pisan upami urang sering ngaos taudz dina hirup sadidinten. Margi gusti Allah SWT ngajarkeun taudz ka urang sadayana, teu aya sanes maparin benteng panggoda syetan, nu dina hirup sariring dumadi sarengkak paripolah teras-terasan ngagoda bade nyasarkeun sangkan urang mengpar tina jalan lempeng nu dipirido ku Allaoh Swt. Buktos anu teu tiasa ditolak, kumaha nyasarkeunana syetan ka manusa Kangjeng Nabi Adam a.s sareng Siti Hawa r a dilungsurkeun ti surga ka dunya, cukang lantaranana akibat kagoda sareng nurut kana panggoda syetan. 

Upami Kangjeng Nabi Adam As sareng Siti Hawa r a tiasa kagoda ku syeta, atuh urang mah kantenan bakal kagodana teh jelas pisan , upami teu iatna, taliti ati-ati tur taki-taki dina nebihan tur merangan pangajak syetan. Syetan (iblis) geus sumpah di payuneun Allah SWT yen manehna rek ngagoda/nyasarkeun ka manusa di alam dunya sakumaha anu kaunggel dina Al Qur’an (tingali serat Al Hijr : 39-40) anu pihartoseunana : Iblis/syetan ngomong kieu ka Gusti Allah : Abdi sumpah rek mapaesan kajahatan maranehna (manusa) supaya maranehna boga rasa alus-asa bener, asa reueus-dina milampah kajahatan di bumi. Sareng abdi rek satekah polah nyasarkeun maranehanana , anging abdi-abdi Gusti nu ariklas

Ku ayana sumpah syetan, Gusti Alloh ngersakeun kalayan karunia-Na, manusa diwuruk kalimah taudz. Upami kalimah taudz diaos kalawan hate nu khusu, khudu sareng tawadhu kantenan upami disarengan kaiklasan, satemenna syetan bakal kabur ngajauhan , margi syetan moal mampuheun ngagoda jalmi nu leres-leres ikhlas dina ibadahna. Kanggo jalmi nu hoyong kengeng pangraksa Allah tina kajahatan syetan, sartas disalametkeun tur dipaparin kabagjaan, teu kinten peryogina mibanda hate nu ikhlas. Dina leresan ieu, Imam Gozali ngadawuh ” Saleresna ari manusa teh sadayana bakal cilaka, kajabi nu gaduh elmu. Nu gaduh elmu oge bakal cilaka, kajabi ngamalkeun elmuna. Nu ngamalkeun elmu oge bakal cilaka kajabi nu ngamalkeunana bari ikhlas.” 

Naon Ari Syetan 

Syetan teh ngagoda ka manusa teu kinten rongkahna, ti payuneun, ti penngker, ti gedengeun, ti luhureun, ti handapeun (tingali Serat Al Araaf 16,17) sareng teu pilih bulu : di kiyai ngahiji, ka ajengan datang, ka pajabat nu pangkat, tara kaliwat, ka masarakat sumawonna. Di ibu-ibu matuh, di bapa-bapa tara pisah. Nu pangsesahna kanggo manusa, eta ku teu apal, sesah nyirikeunana, nu kumaha sareng naon ari syetan teh ? Gusti Alloh parantos ngadawuh dina Al Qur’an (tingal serat Al An’nam 112) pihartoseunana ” …… sarta pikeun saban-saban Nabi kami nyadiakeun pimusuheunana, nyaeta syetan ti antara manusa jeung jin,…..(sareng saterasna). Kapendak deui dina surat An Naas ayat 5,6; “Alladzi yuwaswisu fii suduu rinnaas, minal jinnati wannas” Nyaeta anusok ngawas-waskeun hate manusa ti golongan jin jeung manusa. Kagumedean/kasombongan syetan/iblis (nu sok seseleket jeung meuting dina hate manusa) kapendak dina surat Al Kahfi ayat 50 : wa idzqul na lil malaaikattisjudu li adama fasajaduu illa iblis,kana minal jinni fafasaqo an amri sabbihi, hartosna : “jeung basa kami (Allah) marentah para malaikat kudu sujud, kajaba iblis nyaeta ti golongan jin nu fasek, nu mungpang kana parentah Pangeran” upami kitu nu disebat syetan teh isim, tegesna nami,tina sarupaning jin sareng manusa (nu takabur, reksak ahlak budiparangina, teu nurut kana parentah Pangeran) janten kacindekanana syetan teh tiasa dua rupi : nu jolna ti bangsa jin – ngarobeda hate manusa, ngagerenteskeun ati kana hal anu awon nu papalingpang tina aturan agama ; nu jolna ti bangsa manusa nu laku lampahna tebih tina papagon agama, hartosna tos dikawasa ku syetan, teras ngajak kanu sanes sangkan milampah jahat. Mangka eta manusa teh tos sanes dirina deui, tapi syetan nu malih warni mindarupa janten manusa. 

Dina kahirupan rumahtangga syetan napel ka istri, ngaropea hatena nepi ka si istri panasbaran, ngarenghik ka caroge hoyong itu hoyong ieu. Pedah tatanggana mah sagala kabedag. Inyana henteu sadar tumarima kana rejeki nu aya. Blus syetan asup kana hate carogena, ngagugu kahoyong istri ngalangkungan jalan enteng, kapaksa korupsi, nipu , maling. Ku pangrobeda syetan kana hate manusa , teu sakedik nu munjung ka gunung muja ka sagara, bakat micinta harta banda , dugi ka rido ngical iman. Atuh rejekina teh teuaya nu halal, malah teu subhat-subhat acan. 

Akibat Panggoda Syetan 

Gogoda syetan nu hasilna mucekil utamina dina urusan kadunyaan (harta, tahta/pangkat/jabatan, wanita). Dugi ka wantun milampah kamusrikan demi dunya, padahal musyrik teh dosa anu moal dihampura. Jentre pisan dina Al Qur’an Allah SWT ngadawuh; Innallooha laa yaghfiru ayyusyroka bihii wayaghfiri maaduuna dzaalika limayyasyaa. Pihartoseunana : saestuna gusti Allah moal ngahampura kana dosana jalmi nu musyrik, tapi Allah bakal ngahampura kana dosa-dosa salian ti musyrik, kalayan sakersana. 

Ieu hal sanes hartosna manusa teh teu kenging dudunya, teu kenging beunghar, tapi usahana kedah ngalangkungan jalan nu dipiridho ku Allah SWT. Pajabat nu nyepeng kakawasaan tur wantun “ngomersilkeun ” jabatanana, hatena tos dikawasa ku syetan. Satemenna jalmi nu milampah dosana teh sering bari tara neda dihapunten ka Allah , hartosna hatena ngagebleg hideung, ahirna hatena teuas. Jalma nu teuas hatena teu kinten dibenduan ku Alloh SWT. Margi jalmi nu teuas hate tara narima kana nasehat, tara nampi panggeuing estu noyod sakarep isun. Pidawuh rosul dina kitab Nasihul Ibadz; naha aranjeun hayang dituduhkeun ku kami panyakit dina diri anjeun jeung piubareunana? Panyakit dina diri anjeun teh dosa, piubareunana istigfar. 

Kanggo jalmi nu nurut kana pangajak syetan hartosna jadi abdi syetan, ibadah ka syetan, Gusti Allah bakal misahkeun maranehna ti jalma mu’min ahli kahadean. 

Pidawuh Alloh dina Al Qur’an (tingali serat Yasin ayat 59 dugi ka 65) hartosna : ” Hey jalma-jalma nu tukang nyieun kajahatan di dunya, poe ieu aranjeun kudu misah ti jalma-jalma mumin ahli kahadean. Apan kami geus marentah ka araranjeun he Bani adam. Supaya aranjeun ulah nyembah jeung ibadah ka syetan, ulah nurut ka syetan, sabab sabenerna syetan the musuh aranjeun nu tetela. Saenya-enyana syetan geus nyasarkeun sabagian gede ti aranjeun. Naha aranjeun henteu anggunakan akal ? Tah ieu jahanam nu beheula ku kami diancamkeun kaaranjeun, mangka ayeuna sok geura arasup kana jahanam. Sabab waktu di dunya aranjeun ingkar ti kami. Dina poe iru kami nutup kana lisan-lisan maranehna,nyaeta jalma-jalma kalafir nu milampah jahat. Sarta dina poe ieu suku jeung leungeun maranehna ngaromong ka kami tur mere kasaksian tina nu dipilampah maranehna di dunya.” 

Ku kituna sateuacanna panangan/sampean urang laporan ka nu maha suci ngeunaan lampah urang nu doraka, meungpeung aya keneh kasempetan, meungpeung lawang tobat muka keneh, kedah ayeuna urang milampah kasaean mungguh Allah. Allah ngadawuh (tingali serat Yasin ayat 55 dugi ka 58) : ” Saenya-enyana pangeusi sawarga dina poe eta maranehna estuning senang-senang jeung bojo-bojona, di tempatkeun dina tempat nu pinuh ku kani’matan, pinuh ku bungbuahan nu nari’mat. Ahli sawarga dina eta poe ditedunan sakur kahayangna. Mangka Allah ngadawuh ka ahli sawarga : SALAM. 

Mangrupi kasaean, tumut kana sagala parentahNa, nyonto ka Rosul ku cara ngalaksanakeun sunah-sunahna. 

Kacindekan 

Taudz mangrupi kalimah paparin Allah SWT nu dijatenkeun benteng jiwaraga manusa tina pangrobeda syetan. Supados henteu tigebrus kana jungkrang kahinaan. Upami taudz tos ngalemah sumerep kana ati sanubari, mangka kagumedean iblis nu dipatrikeun kana sagala parentah ti Allah SWT ku cara nyepeng deleg kana papagon agama. Moal dugi ka kajantenan ayat -ayat Al Qur’an dipilihan mung nu enteng sareng nguntungkeun dirina wungkul. Estuning rido dirina hirup diatur ku Allah, teu ngabangkang sapertos iblis nu takabur. Margi sadar kana pidawuh Rosul nu hartosna : ” moal asup sawarga jalma nu dina hatena aya sakeprul rasa takabur, atanapi (mung paripaos) sagede siki sasawi.*** 

dicatut ti salaka.net